B. SUNDA : Kumpulan Sajak Sunda





1. TANAH SUNDA
Karya : Ajip Rosidi
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Masing dimana kuring nangtung
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok tempak bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing dimana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mumpang , kuring rék datang
Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung
Kuring tungtung teteupan
Kuring tungtung
Teteupan
Tuntung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayah
Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya katengtreman , ngan ancaman !
2. KAHAYANG
Tengah peuting nu simpé
Kuring hudang sorangan
Niténan kahirupan jeung nasib
Niténan kaayaan indung bapa
Walurat nu aya
Kuring hayang boga buku
Buku nu bakal nyaangan élmu
Élmu nu bkal ngaronjatkeun kahirupan
Hirup bagja jeung aya guna
Loba harta loba harti
Loba dulur loba sobat
Loba kahayang salilana
Kahayang nu mawa sumanget
Esah 2000
3. BANDÉRA URANG
Ngerab-ngerab katebak angin
Beureum bodas matak waas
Dua warna pulas polos
Perlambang wangi tur suci
Teguh tangguh tur gagah
Dina perang tarung
Suka rajét batan ngejat
Kajeun lebur naruhkeun pati
Buméla ka nagara
(dicutat tina : Mangle Alit No.801)
4. MUN
Mun,
Gunung-gunung geus jadi lembur
Pasawahan jadi perumahan
Walungan kari ngagulaan
Pakebon jadi gedog sigrong
Mangka langit bakal pinuh polusi
Anginna nebar sekarat
Naraka keur pangungsina
Sawarga nyingkah teuing kamana
(Naha generasi kuring bet dibeungbeuratan ku karuksakan nu terus di ruksak ?)
(Kenging : Kang Tétén has FB-Bandung
Dicutat tina : Mangle Alit No.871)
5. LUBAR
Karya : Étti RS
Na hiliwir angin takbir
Sabada saum ahir
Neda sih hapunteun pisan
Tina sadaya kalepatan
Urang sétrakeun karungsing
Ku cihampura nu wening
Neda hampura
Tina rupining codéka
Nu méngpar tina tatakrama
Moga simpay baraya teras lama
Dugi panturay raga jeung nyawa
Neda hapunteunna
Tina sagala dosa
Urang siram kalepatan
Ku ciasih tur kaheman
Béas kulub bungkus jamur
Hapunten mun abdi lepat
6. DOSA
Karya : Étti RS
Gusti,
Sanaos abdi teu kantos balaka
Tangtos salira uninga
Abdi kantos milampah nirca
Ayeuna kacipta ‘na mangsa diri puasa
Mugi salira maparin lolongkrang
Ngawidian abdi ngudag kahayang
Nebus napsu nu mingkang gumiwang :
Nu sétra tina nista , nu sepi tina karisi
Paparin abdi rasa ni’mat anu natrat sarta bagja anu lana
Tina kaéndahan Tan Wangenan
7. HALODO TEUING KU PANJANG
Karya : Yayat Héndayana
Langit keur jongjon leleson
Kabaribinan nu récétna sora manuk
Nu panting geleber di buruanana
Néwakan hiliwir angin
Ubar awak nu bayeungyang
Sabot nguniang manuk geus nyarumput mantén
Kana dahan tatangkalan anu ranggas teu daunan
Akarna nanceb kana dada bumi
Nu nyongkéré dina gawir , teu walakaya
Tikoro garing halabhab kabina-bina
Langit ngan ukur ngaheruk
Lain teu surti réa nu geus butuheun ku cai
Tapi teu bisa majar kumaha najan geus lila tatahar
“ti kami mah ngan karicur” ceuk langit sorana dareuda “ngan panonpoé can kénéh méré paréntah”
Pannpoé teu tarima disalahkeun
Muncereng bari ngahaok , “sidik kami keur nganti-nganti panitah!”
Suorana ngahéab panas
Manjangkeun halodo nu beuki teuas
8. TUKEURAN IEU SAJAK
Karya : Yus Rusyana
Tukeuran ieu sajak
Kusalimbar simbut atawa samak saheulay
Uheug rungkupkeun ka barudak anu teu kaburu heuay
Patinggolépak dina trotoar
Tukeran ieu sajak
Ku béas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun ka nu haropak
Anu marakuk disaung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pélor
Heug témbakkeun kan genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
Ku beubetian tina kalbu anu rido
Keur nyébor anu balangsak
(Lamun teu kitu sasaak)
(Dictat tina buku Saratus Sajak Sunda)

sumber : https://hafidlotulfa.wordpress.com
Previous
Next Post »
Thanks for your comment